Tuesday, April 29, 2008

bobodoran

LEBARAN

- “Teu baleg pisan nya Ulama Islam Indonesia mah....Teu bisa akur !!... Pamarentahna teu boga wibawa deuih”

+ “Kunaon euy kukulutus teu pugah-puguh?”

- “Atuda keuheul dina kalender ge jentre lebaran teh tanggal 13, tapi can nanaon Muhammadiyah geus ngumumkeun lebarana poe Jumaah tanggal 12. Kuduna mah jiga di Arab Saudi, raja nu netepkeun idul fitri jeung idul adha teh..... rakyat jeung ulama mah nurut we mun geus jadi kaputusan pamarentah mah. Teu guminter jiga didieu...... ngabingungkeun umat!”

+ “Oh kitu!! ari ayeuna maneh puasa..........??”

- “Emhhh....... henteu euy..... loba halangan” tembalna bari balaham belehem

+ ????

0 comments: